|
Article on other languages:
|
Dina botani, daun téh organ luhur taneuh dina tutuwuhan nu pancénna pikeun fotosintésis. Pikeun tujuan ieu, daun téh bentukna datar/cépér tur ipis, sangkan sél-sél nu ngandung kloroplas (jaringan klorénkim) kasorot ku cahya (panonpoé), sarta nyerep/nembus kana jaringanana. Dina kalolobaan tutuwuhan, daun ogé mangrupakeun loka lumangsungna réspirasi, transpirasi, jeung gutasi. Daun bisa neundeun dahareun jeung cai, sarta, pikeun sababaraha tutuwuhan lian, ogé mibanda pancén lianna deui.
AnatomiDaun tangkal kembangan nu lengkep diwangun ku petiola (watang daun), lamina (lambaran daun), jeung stipula. Tempat napelna petiola kana watang disebut axil daun. Teu sakabéh tutuwuhan daunna lengkep kawas kitu. Dina sababaraha spésiés, stipulana teu écés atawa sama sakali euweuh, euweuh petiolaan, atawa lambar daunna teu laminar (datar). Daun téh mangrupakeun salah sahiji organ tutuwuhan nu ilaharna diwangun ku sababaraha jaringan:
ÉpidermisÉpidermis mangrupakeun kelompok sél luar multilapis nu ngabungkus daun, nu jadi wates antara tutuwuhan jeung dunya luar. Épidermis mibanda sababaraha pancén: ngajaga sangkan cai teu leungit, ngatur panukeuran gas, sékrési sanyawa métabolik, jeung--dina sababaraha spésiés--pikeun nyerep cai. Lolobana mah daun téh mibanda anatomi dorsoventral: beungeut luhur (adaxial) jeung handap (abaxial) nu wanda jeung pancénna bisa béda. Épidermis ilaharna transparan (sél épidermal teu ngandung kloroplas) sarta dilapis ku kutikula nu ngandung lilin pikeun ngahambat nyaabna cai. Kutikula ieu biasana mah leuwih ipis di épidermis bagian handap, sarta leuwih kandel dina daun nu hirup di wewengkon nu iklim garing. MorfologiKarakter luar daun (kayaning bentuk, margin, bulu, jsb.) téh penting pikeun nangtukeun spésiés tutuwuhan. Struktur ieu téh mangrupakeun hasil ngaluyukeun (adaptasi) ka kaayaan lingkunganana. Daun bisa digolongkeun ku rupa-rupa cara, sedengkeun tipeuna biasana mah luyu jeung ciri spésiésna, najan aya sababaraha spésiés nu ngahasilkeun leuwih ti hiji tipeu daun. Istilah-istilah nu patali jeung gambaran morfologi daun dipidangkeun di Wikipustaka. IstilahMargin (sisi)Margin daun mangrupakeun ciri genus sarta ngabantu pikeun nangtukeun spésiésna: AdaptasiSangkan bisa tetep hirup di lingkungan anu beurat, daun bisa ngaluyukeun manéh ku sababaraha cara:
Tumbu kaluar
More about Daun: cerita daun muda, 17 daun muda tahun, serat daun nanas, memek daun muda, syndrome de daun, daun salam, como con daun de desiplinar hijos los syndrome, daun sirih, |
This article is from Wikipedia. All text is available under the terms of the GNU Free Documentation License.